Wednesday, December 24, 2008

Ucing Vs Urang

  1. Ucing urang diaanggap bungsu di keluarga padahal urang pang bungsuna di bumi

  2. Ucing urang "neda" 6 kali sahari proplan adult rasa tuna, kadang saya makan pindang tungkol di "si ibu cikoneng". nb: pindang tongkol makanan ucing

  3. Ucing urang ngaranna bule mun urang urban pisan

  4. Ucing urang tara di titah gawe urang dititah wae tapi sering kabur oge hehehe...

  5. Ucing urang tara mandi da urang mah sering.

  6. Ucing urang di imah wae urang mah di luar wae

  7. Ucing urang teu bisa buka panto mun di luar urang mah bisa

  8. Ucing urang mah sare wae urang mah henteu

  9. Ucing urang mah ngabudi ucing urang mah henteu

  10. Ucing urang mah teu kreatif urang mah kreatif

  11. Ucing urang mah teu bisa bikin blog urang mah bisa


hehehehehe ...
aneh tapi aneh

Tuesday, December 23, 2008

Rea Alesan Gara Gara Hujan

Gunung kan kudaki lautan kan kusebrangi mun hujan engke deui.
Deukeut kan ku dugdag, Jauh pun kan ku teang mun banjir engke deui.

Oh hujan, kunaon mun aja anjeun datang pas saya sasarean asa dipepende
Oh hujan, kunaon mun rada gede saya jadi rada males ka mana-mana
Oh hujan, kunaon mun gede pisan saja jadi males pisan ka mana-mana

Oh musim hujan, kunaon saya sok katirisan
Oh musim hujan, kunaon saya sok lesu, letih, lunglai
Oh musim hujan, kunaon saya sok kageuringan
Oh musim hujan, kunaon saya sok diare

Kan Aya Jaket
Kan Aya Syal
Kan Aya Kupluk
Kan Aya Payung,
Kan Aya "Jas Hujan Dua Hulu"
Kan Aya Ponco
Kan Aya Helm
Kan Aya Minyak Kayu Putih
Kan Aya Parasetamol
Kan Aya Oralit
Kan Aya Indung Urang(Bidan)

Eweuh Alesan Teu Gawe Pas Musim Hujan ..

Jam Karet

Istilah jam karet di jaman kiwari mah makin menjamur, janjian jam 7 pagi datangnya jam 10 atau jam 11 siang (saha tah teu pira pisan). Saya juga geuning sering ngagunakeun manajemen jam karet, hehe ... Awalnamah aya rasa bersalah, tapi lila kalilaan atos terbiasa we. Rerencangan oge atos ngamaklumkeun kalakuan saya, jadi anjeunna mikirna realistis mun janjian jeung saya kudu rada ditipu. Misal janjian kumpulteh jam 10 di bejaan ke Sayana jam 8 atau jam 9, tapi mun saya keur bageur alias tepat waktu jadinateh eh keuheul. Kumahanya pas saya rada bageur barudak teh teu baralaleg, dilema atuh euy. Dari pada pa gutreng - gutreng / pa karet - karet meuningan di lemesan we. Mun dina pribahasamah: "Mengalah Untuk Menang".